WANGENAN RETORIKA
1. Ditilik tina jihad Etimologi
Retorika asal kecapna ti Basa Yunani, tina kecap “Rethor/Orator” nu hartina “Juru Pidato”. Sedengken Orator, asalna tina kecap Orasi nu hartina Pidato/Khutbah.
2. Wangenan Retorika ti sababaraha sumber
- Retorika nyaeta kaparigelan pidato di hareupeun jalma loba. (Study Retorika di Sirikkusa ibu kota Sisilia Yunani abad ka- 5 SM.
- Retorika nyaeta mere hiji kasus ngaliwatan omongan. (Sawangan Kaum Sofis, nyaeta Gorgias, Lysias, Phidias, Protagoras jeung Socrates, ahir abad ka- 5 SM).
- Retorika nyaeta elmu nu ngajarkeun manusa ngeunaan kaparigelan, ngeunaan cara pikeun nimukeun sarana persuasif nu objektif tina hiji kasus. (Aristoteles).
- Retorika nyaeta elmu nu nalungtik kasalahpahaman sarta neangan saran jeung pamecahan masalah. (Richard awal abad ka 20-an).
- Retoruk di anggap ngan mangrupa bagian leutik tina elmu sastra nyaeta salaku salasahiji elmu anu engkena leuwih dipikawanoh disebutna Kritik Sastra. (Ahli sastra di zaman Pertengahan/Renaisance).
Ti sababaraha sumber di luhur, bisa dicindekkeun yen Retorika the nyaeta Elmu anu ngajarkeun tindak jeung usaha nu efektif dina persiapan, panataan jeung penampilan tutur pikeun ngabina rasa silih pangertian jeung gawe bareng sarta katengtreman dina kahirupan bermasarakat.
SAJARAH KAMEKARAN RETORIKA
Objek study retorika geus sakolotna kahirupan manusa,hal ieu luyu jeung kafasihan manusa dina cara ngomong waktu dina upacara adat contona saperti dina : Upacara aya nu ngajuru,nu maot,atawa nu kawin jst.
Uraian nu sistematis na retorika nu di mimitian ku koloni bangsa romawi asal na ti syracuse pulau Sicilia.
Manehna ngagunakeun retorika pikeun ngabantuan rahayat nu handap pikeun dina ngalawan pamarentah nu di jaman ka sebut pamarentah di nagarana teh diktator.Nu ahirna pamarentah di jaman na teu bisa tuluy salila na diganti ku demokrasi.
Tuluy ti dieu teh loba deuih jalma-jala anu sapamikiran saperti corax. Corax dina makalah retorika na nu dibere ngaran techne logon (seni kata-kata).
Sanajan makalah ieu ayeuna geus euweuh urang geus apal yen makalah ieu teh ngomongkeun hal nu di sebut “teknik kemungkinan”. Naon ari nu disebut tekhnik kemungkinan teh,nyaeta lamun urang teu bisa mastikeun anu sifat na can pasti ,mimitian ku hal nu geus umum.
Salain tekhnik kemungkinan oge aya dasar-dasar organisasi pesan tina hasil karya corax,maneh naa ngbagi pidato jadi 5 bagean nyaeta :pembukaan,uraian,argument ,penjelasan,penjelasan tambahan,jeung kacindekan.
Isocrates pernah ngadegkeun sakola retorika nu katelah jeung tenar na di taun 391SM,manehna ngadidik muridna ngagunakeun kekecapan nu kaasup alus tapi teu leuleuwiheun tina rentetan anak kalimah nu saimbang jeung ngageserna sora jeung gagasan nu lancar.
Nepika ayeuna risalah-risalah pondok ieu geus dianggap warisan prosa yunani nu sakitu takjubna. Gaya bahasa Isocrates geus ngailhaman tokoh-tokoh retorika nyaeta :Ciceron,Miltion,Massilion,Jeremy Taylor jste
Salasahiji risalahna teh nyaeta eusina mangrupa kritikan pikeun kaum sophis. Risalah ieu geus ngarojong pikeun ngembangkeun sikep rasa kakeuheul ka kaum sophis lantaran di kaum sophis lolobana pendatang asing ti Athena.
Kabeh jelema sok nyurigaan nu di bawa ku pihak asing,komo nu ngajarkeun kawijaksanaan jeung menta tuntutan bayaran. Nu teu sanggup mayar tangtuna ngaleupaskeun rasa kuciwa na ku cara ngecam maranehna.
Tuluy Aristoteles nu ngalanjutkeun kajian retorika ilmiah. Manehna nulis 3 jilid buku nu judulna nyaeta “De Arte Rhetorika “.
Numutkeun pamahamanna aya 5 tahap nyusun pidato nu kasohor sok disebut lima hukum retorika (the five canons of rhetoric),nyaeta :
· Inventio (penemuan),dina tahap ieu pmbicara ngagali jeung nalungtik khalayak sangkan apal metode persuasi nu bener.
Ceuk aristoteles nyebutkeun aya 3 cara mangaruhan manusa nyaeta ethos,pethos jeung logos. Salian nu 3 eta aya deui 2 cara nu efektif pikeun mangaruhan nu ngadengekeun : ENTIMEM (bahasa yunani “en” di jero jeung “thymos” pikiran).
· Dispositio(penyusunan). Ngalakukeun tahap nyusun pidato atawa ngaorganisasikeun pesan.
· Elocution(gaya),nu bagean ngomong milih-milih kecap jeung ngagunakeun nahasa anu pantes,bener,jeung bisa di tarima ku lingkungan masarakat.
· Memoria(memori),kudu bisa ngingetkeun naon bae anu rek di tepikeun jeung ngatur-ngatur bahan-bahan nu rek ditepikeun.
· Pronuntiatio(penyampaian),nepikeun pesen na sacara lisan.didieu acting berperan lantaran kudu merhatikeun olah sora jeung gerak usik awak.
- RÉTORIKA JAMAN ROMAWI
Téori rétorika Aristoteles leuwih sistematis jeung kompréhénsif. Rétorika geus ngabogaan dasar téoritis anu panceg. Tapi, runtuyanna anu lengkep jeung persuasif geus ngabungkem para ahli rétorika anu datang saenggeus De Arte Rhetorica teu mangaruhan naon-naon anu ngabogaan harti pikeun kamekaran rétorika.
Buku Ad Herenium anu ditulis dina basa Latin kira-kira 100 SM, ngan ngasistematiskeun ku cara Romawi titinggal rétorika gaya Yunani. Malah urang Romawi ngan nyokot segi praktisna wungkul. Sanajan kitu, kakaisaran Romawi lain ngan subur ku sakola-sakola rétorika, tapi beunghar ogé ku orator-orator ulung. Antonius, Crassus, Rufus, Hortensius. Anu pamungkas disebutkeun kasohor mahér dina pidatona nepika para artis ogé nurutan gaya jeung cara nepikeun pidatona.
Kamampuh Hortensius disampurnakeun ku Cicero. Lantaran digedékeun ku kluarga beunghar sarta kawin jeung wanoja nu méré kahormatan jeung kakayaan. Cicero muncul salaku nagarawan jeung cendekiawan. Pernah, ngan dina mangsa dua taun (45-44 SM), manéhna nulis buku-buku filsafat jeung lima buku rétorika. Dina téori, manéhna teu loba midangkeun panimuan anyar. Manéhna loba nyokot pamadegan ti Isocrates. Manéhna percaya yén pangaruh tina pidato bakal hadé, lamun anu pidatona jalma hadé ogé, “The good man speaks well”. Dina prakték, Cicero bener-bener orator anu kacida mangaruhan.
Caesar, pangawasa Romawi anu dipikasieun, ngalem ka Cicero, “Anjeun geus nimukeun kabéh khazanah rétorika, jeung anjeun anu mimiti ngagunakeun kabéhannana. Anjeun geus nimukeun beubeunangan anu leuwih dipikaresep tina beubeunangan para jéndral. Lantaran saéstuna leuwih luhur sarta leuwih jembar kana wates-wartes kapinteran manusa tibatan ngajembarkeun wates-wates karajaan Romawi.
Kira-kira 57 pidatona masih aya nepi mangsa kiwari. Will Durant nyindekkeun gaya pidatona:
Pidatona ngabogaan kaonjoyan dina midangkeun hiji perjara atawa karakter; sacara ngagalura dina nalika ngahibur pamiarsa ku guyon jeung anekdot; nalika ngeunaan kareueusan, patriotisme, kasoléhan, perasaan; dina ngungkapkeun sacara teges kahéngkéran lawan anu sabenerna atawa anu diwartakeun, anu dibunikeun atawa anu dibolékérkeun; dina mindahkeun perhatian sacara parigel tina poko-poko caritaan anu kurang nguntungkeun; dina nahan patalékan rétoris anu hésé dijawab;…
Tina tulisanna anu nepi danget ayeuna bisa dibaca ku urang, bisa nganyahokeun yén Cicero kalintang parigel dina ngabasajankeun caritaan anu hésé. Basa Latinna babari dibaca, ngaliwatan nu nalék, basa ngocor ngagolontor kalawan éndah.
- RETORIKA ABAD PERTENGAHAN
Ti Zaman Yunani nepi ka Zaman Romawi, Rétorika sok aya waé patula patalina jeung kawarganagaraan. Para orator umumna kalibet dina kagiatan politik. Aya dua cara pikeun meunangkeun politik; talk it out (madungdengkeun nepi ka bérés) atawa shoot it out (némbak nepi ka tuntas). Rétorika subur ku cara ka hiji, cara démokrasi. Nalika démokrasi Romawi dina kamunduran, kaisar-kaisar nyekel pamaréntahan “nyaritakeun” diganti ku “némbak”. Rétorika ka singkirkeun, lantaran para kaisar teu resep ningali jalma pinter nyarita.
Abad pertengahan sering disebut abad “kegelapan”, ogé pikeun retorika. Nalika agama Kristen ngarajaan, rétorika dianggap kasenian jahiliah. Loba urang Kristen mangsa harita nyarék diajar ngeunaan rétorika anu dirumuskeun ku urang Yunani jeung Romawi, anu nyembah tapékong. Sakur jalma anu nyekel agama Kristen otomatis manéhna ngabogaan kamampuh pikeun nepikeun bebeneran. St. Agustinus, anu geus diajar ngeunaan rétorika saacan asup Kristen taun 386 nya éta pamahiwalan dina éta jaman.
Saabad kahareup ti éta jaman, di Timur muncul peradaban anyar. Hiji nabi nepikeun dawuhan Pangéran “surat An-Nisa ayat 63”. Muhammad SAW ngadawuh “Saéstuna dina kamampuh nyarita anu hadé aya sihirna”.
Nabi Muhamad hiji jalma anu paséh dina nyarita ku kekecapan singkat tapi ngabogaan hari anu jero. Sohabat-sohabatna nyaritakeun yén caritaanna sering nyababkeun pamiarsa katoél haténa nepi ka careurik. Aya ulama anu ngumpulkeun pidato-pidatona anu dingaranan Madinat al-Balaghah (kota Balaghah). Sohabat anu paling dipikaasih ku anjeunna nya éta Ali Bin Abi Thalib, ngawaris élmuna dina nyarita. Ceuk Thomas Carlyle, “Every antagonist in the combats of tongue or of word was subdited by his eloquence and valor”. Ku Ali bin Ali Thalib, ka paséhan jeung kanagaraan ngahiji deui. Khotbah-khotbahna dikumpulkeun ku pamilonna, anu dibéré judul Nahj al-Bhalaghah (jalan Balaghah).
Balaghah jadi hiji élmu anu mulya dina paradaban Islam. Kaum Islam ngagunakeun Balaghah pikeun gaganti rétorika. Tapi, warisan rétorika Yunani anu ditambolérkeun di Eropa abad pertengahan dikaji deui ku ahli-ahli Balaghah. Tapi saeutik pisan studi ngeunaan kontribusi Balaghah dina rétorika modéren. Balaghah sarta Ma’ani jeung Bayan masih kasumputkeun di pasantrén-pasantrén jeung lembaga-lembaga pendidikan Islam tradisional.
- RÉTORIKA MODÉREN
Abad pertengahan lumangsung salila sarébu taun (400-1400 M). Di Eropa, salila ieu periode, warisan peradaban Yunani di tambolérkeun. Lawungan urang Eropa jeung urang Islam anu nyimpen jeung ngamekarkeun khazanah Yunani dina perang salib ngakibatkeun Renaissance. Salasahiji pamikir Renaissance anu narik deui minat jalma pikeun rétorika nya éta Peter Ramus.
Renaissance nepikeun urang kana rétorika modéren. Anu nyieun cukang, ngahubungkeun Renaissance jeung rétorika modéren nya éta Roger Bacon (1214-1219). Manéhna lain ukur ngawanohkeun métode ékspériméntal tapi ogé pentingna pangaweruh ngeunaan prosés psikologis dina studi rétorika. Manéhna nyebutkeun yén “…kawajiban rétorika nya éta ngagunakeun rasio jeung imajinasi pikeun ngagerakeun kahayang anu leuwih alus”. Rasio, imajinasi, kahayang nya éta fakultas-fakultas psikologi anu engkéna jadi kajian utama ahli rétorika modéren.
Aliran munggaran rétorika dina mangsa modéren, anu nekenkeun prosés psikologis dipikawanoh salaku aliran épistémologis. Épistémologis medar ngeunaan “téori pangaweruh”; asal-usul, sipat, métode, jeung wates-wates pangaweruh manusa. Pamikir-pamikir épistémologis ngaji rétorika klasik dina kamekaran psikologi kognitif (nya éta, anu medar prosés méntal).
Aliran rétorika modéren kadua dipikawanoh salaku “gerakan belles lletres (basa Prancis; basa nu endah)”. Rétorika belletris kalintang ngutamakeun kaéndahan basa, segi-segi éstétis amanat, malah mah kadang nambolérkeun segi informatifna. Hugh Blair (1718-1800) nulis lecture on rhetoric and balles lettres. Manéhna medar hubungan antara rétorika, sastra jeung kritik.
Aliran munggaran (épistémologi) jeung kadua (belles lettres) musatkeun persiapan pidato, dina nyusun amanat jeung basa nu digunakeun. Aliran katilu disebut gerakan élokusionis, justru nekenkeun dina nepikeun eusi pidato.
Dina abad 20, rétorika nyokot mangpaat tina kamekaran élmu pangaweruh modéren, hususna élmu-élmu kalakuan saperti psikologi jeung sosiologi. Istilah rétorika ogé mulai di gésér ku speech, speech communication atawa oral communication atawa public speaking.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar